MUQODIMAH MANQOBAH
السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh
ياامام المتقين
ويا صفوةالعابدين
YAA IMAMAL MUTTAQIINA
WA YAA SHOFWATAL ‘AABIDIINA.
وياقوي الاركان
وياحبيب الرحمان
WA YAA QOWIYAL ARKAAN
WA YAA HABIBAR ROHMAAN.
ويامجلي الكلام القديم
وياشفاءاسقام السقيم
WA YAA MUJLIYAL KALAAMIL QODIMI
WA YAA SYIFAAA ASQOOMIS SAQIIMI.
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَلَآ اِنَّ اَوْلِيَآءَ اللّٰهِ لَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُوْنَۚ ۞ اَلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَكَانُوا يَتَّقُوْنَۗ ۞ لَهُمُ الْبُشْرٰى فِي الْـحَيٰوةِ الدُّنْيَا وَفِي الْآخِرَةِۗ لَا تَبْدِيْلَ لِكَلِمٰتِ اللّٰهِۗ ذٰلِكَ هُوَ الْفَوْزُ الْعَظِيْمُ
Bismillaahirrohmaanirroohim. Alaa inna Auliyaa’alloohi laa khoufun ‘alaihim wa laahum yahzanuun. Alladziina aamanuu wakaanuu yattaquun. Lahumul busyroo fil hayaatid dunyaa wa fiil aakhiroh, laa tabdiila likalimaatillaah, dzaalika huwal fauzul ‘azhiim.
Sugrining puji anu sampurna, sareng pangalem sagemblengna, eta tetep kagungan Alloh anu mikawelas ka abdi-abdina, anu ngaluhurkeun darajat anu bakti ka Anjeuna.
Rohmat sareng salam anu utami muga tetep ka pangafdolna Nabi nyaeta Kanjeng Nabi Muhammad SAW anu parantos dikiatan kalawan mu’jizat anu diutus jadi rohmat kasadayana alam, sareng kakulawargina, sareng kasadayana shohabat, sareng kasadayana Auliya Alloh anu parantos diluhurkeun kalawan dipaparin pirang-pirang karomat. Amma ba’du
Maka ieu sapucuk kitab anu kalintang ringkesna, nyarioskeun manaqibna Sulthonul Auliya wa imamil Ulama Sayyid Abdul Qodir Al-Jailani Qs , kenging metik tina kitab ‘Uquudul La’aali Fii Manaqibil Jayli , sareng tina kitab Tafrìhul Khòtir Fì Manàqibis Sayyid ‘Abdul Qòdir.
Mudah-mudahan aya manfaatna ka sadayana dulur anu kersa ngaos atanapi ngadangu kalawan ngagungkeun kanu kagungan ieu manaqib. Mudah-mudahan ku berkahna anu kagungan ieu manaqib, Gusti anu Maha Suci ka urang sadayana (khususna ka shohibul hajat sakulawargi….,) nurunkeun rohmat sareng nulak tina bahla dunya akherat. dihasilkeun pamaksadan diwuwuh kasalametan. Aamiin..
JUMADIL ULA
MANQOBAH KA 35 NYARIOSKEUN SYEKH AHMAD KANJI JADI MURIDNA SAYYID ABDUL QODIR KALAWAN PITUDUH GURUNA
Kacarioskeun hiji waktos Syaikh Ahmad Kanji nuju abdas, aya kereteg dina manahna yen thorekatna Sayyid Abdul Qodir leuwih dipikaresep tibatan thorekat-thorekat sejena.
Kereteg Syaikh Ahmad Kanji kitu teh kauninga ku guruna, Syaikh Abi Ishaq Maghribi. Saur guruna:
“Nyaho maneh martabatna Sayyid Abdul Qodir?”. Saur Ahmad Kanji: “Henteu !”.
Saur guruna: “Sayyid Abdul Qodir teh kagungan 12 sifat. Lamun lautan dijieun mangsina, tatangkalan dijieun kalamna, manusa jeung jin jeung malaikat anu nuliskeunana, tangtu moal katuliskeun sahiji sifat oge”.
Barang Syaikh Ahmad Kanji ngadangu cariosan guruna kitu teh, anjeuna banget mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir, sareng banget ngarep-ngarepna palay ulah waka pupus upama teu acan lebet kana thorekatna.
Tidinya teras anjeuna angkat ka Baghdad. Barang nembe dongkap ka hiji gunung di jajahan Ajmir, anjeuna mendak hiji wahangan, teras abdas.
Saparantos abdas teras netepan. Saparantos netepan anjeuna teras kulem.
Dina kulem anjeuna kasumpingan Sayyid Abdul Qodir nyandak makuta beureum sareng sorban hejo, teras Syaikh Ahmad ngadeg ngahurmat ka Sayyid Abdul Qodir.
“Kadieu sing deukeut”, saur Sayyid Abdul Qodir.
Teras Syaikh Ahmad Kanji nyaketan, teras makuta beureum sareng sorban hejo teh dianggokeun ka anjeuna.
Saur Sayyid Abdul Qodir: “Heh Ahmad Kanji, ayeuna maneh geus jadi anak murid kaula, jeung maneh geus jadi tina satengahna Rizalulloh”.
Les deui Sayyid Abdul Qodir teh henteu aya.
Barang Syaikh Ahmad Kanji gugah, makuta sareng sorban aya dina mastakana, teras Syaikh Ahmad Kanji syukur ka Gusti Alloh, sareng teras mulih deui ka guruna, nyarioskeun lalakona sareng ningalikeun makutana.
Saur guruna: “Heh Ahmad Kanji, ieu makuta jeung sorban kaberkahan pikeun maneh. Pohara maneh dipikaasihna ku Sayyid Abdul Qodir, jeung ayeuna maneh jadi pangpunjulna wali”.
Teras Syaikh Abi Ishaq Maghribi ngalap berkah, nganggo makuta sareng sorban tea. Tidinya dipasihkeun deui ka Syaikh Ahmad.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 36 NYARIOSKEUN SYEKH AHMAD KANJI NGALA SULUH BARANG BADE DISUHUN SULUHNA NGAPUNG KALUHUREUN SIRAH SYEKH AHMAD
Syaikh Ahmad Kanji teh khidmahna atanapi padamelanana ngala suluh kangge masak roti faqir-faqir.Barang saparantos nganggo makuta ti Sayyid Abdul Qodir ,saur guruna: “Ahmad Kanji,ayeuna mah maneh henteu layak,ngewa ngala suluh,sabab sirah maneh geus dimakutaan ku makuta mulya”.
Tidinya Syaikh Ahmad Kanji maksa nyuhunkeun widi ti guruna,saur guruna: “Nya ari keukeuh mah,jig bae”.
Tidinya teras Syaikh Ahmad Kanji angkat ka gunung,teras ngempelkeun suluh,tidinya teras dibeungkeut.Barang bade disuhun,suluh teh jung ngapung kana luhureun sirah Syaikh Ahmad,cicing di awang-awang kira-kira sahasta tina sirahna syaikh Ahmad.
Tidinya teras Syaikh Ahmad mulih ka guruna.Beungkeutan suluh teh ngalayang bae di awang-awang nuturkeun Syaikh Ahmad.
Barang sumping ka guruna,nyaeta Syaikh Abi Ishaq Maghribi tea,saur guruna: “Tah Syaikh Ahmad,tadi ceuk kaula kumaha,sirah maneh henteu pantes dipake nyuhun suluh,sabab geus ditetepan makuta jeung sorban anu mulya,ti waktu ayeuna meugeus entong deui-deui ngala suluh,maneh ku Sayyid Abdul Qodir geus ditepikeun kana pangkat Rijalulloh”.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
DOA MANQOBAH
اِلَى حَضْرَةِ سُلْطَانِ الْاَوْلِيَاءِ وَقُدْوَةِ الْاَصْفِيَاءِ قُطْبِ الرَّبَّانِيْ وَالْغَوْثِ الصَّمَدَنِي السَّيِّدِ الشَّيْخِ عَبْدُالْقَادِرِاَلْجَيْلَانِيْ (اَلْفَاتِحَةْ)
Ila hadlroti sulthonil auliya-i wa qudwatil ashfiya-i quthbir robani wal ghoutsush shomadani sayyidi syaikh ‘abdul qodir aljailani. Al-Fatihah
اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلٰى سَيِّدِنَا وَحَبِيْبِنَا وَشَفِيعِناَ وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى اٰلِهٖ وَاَصْحَابِهٖ اَجْمَعِيْنَ اٰمِينْ
Allohhumma sholli wa sallim ‘ala sayyidina wa habibina wa syafi’ina wa maulana muhammadiw wa ‘ala alihhi wa ashhabihhi ajma’ina. Aamiin
اَللّٰهُمَّ بِاَسْمَائِكَ الْحُسْنَى, وَبِاَسْمَاءِ نَبِيِّكَ الْمُصْطَفٰى, وَبِاَسْمَاءِ وَلِيِّكَ,
عَبْدُ الْقَادِرِ الْمُجْتَبَى طَهِّرْ قُلُوْبَنَا مِنْ كُلِّ وَصْفٍ يُبَاعِدُنَا عَنْ مُشَاهَدَتِكَ
Allohhumma bi asma-ikal husna , wa bi-asma-i nabiyyikal mushthofa , wa bi-asma-i waliyyika, ‘Abdul Qòdiril mujtaba thohhir quluubana ming kulli washfiy yuba’iduna ‘am musyahhadatika,
وَمَحَبَّتِكَ وَاَمِتْنَا عَلَى السُّنَّةِ وَالْجَمَاعَةِ, وَشَرِّحْ بِهَا صُدُوْرُنَا, وَيَسِّربِهَا اُمُوْرَنَا, وَفَرِّجْ بِهَا هُمُوْمَنَا,
Wa mahabbatika wa amitna ‘ala sunnati wal jama’ah , wa syarrih bihaa shuduuronaa , wa yassir bihaa umuuronaa, wa farij bihaa humuumanaa,
وَاكْشِفْ بِهَا غُمُوْمَنَا, وَاغْفِرْ بِهَا ذُنُوْبَنَا, وَاقْضِ بِهَا دُيُوْنَنَا, وَاَصْلِحْ بِهَا اَحْوَالَنَا,
Waksyif bihaa ghumuu manaa , waghfir bihaa dzunuubanaa , waqdli bihaa duyuunanaa ,wa ashlih bihaa ahwalana ,
وَبَلِّغْ بِهَا اٰمَالَنَا, وَتَقَبَّلْ بِهَا تَوْبَتَنَا, وَاغْسِلْ بِهَا حَوْبَتَنَا, وَانْصُرْ بِهَا حُجَّتَنَا,
Wa balligh bihaa aamaalanaa , wa taqobbal bihaa taubatanaa , waghsil bihaa haubatanaa , wangshur bihaa hujjatanaa ,
وَاجْعَلْنَا بِهَا مِنَ الْمُتَّبِعِيْنَ, لِشَرِيْعَةِ نَبِيِّكَ الْمُتَّصِفِيْنَ, بِمَحَبَّتِهِ الْمُهْتَدِيْنَ
Waj ‘alnaa bihaa minal muttabi’iina , Lisyarii’ati nabiyyikal muttashifiina, bi-mahabbatihil muhtadiin,
بِهَدْيِهٖ وَسِيْرَتِهٖ وَتَوَفَّنَا بِهَا عَلىَ سُنَّتِهٖ, وَلَا تَحْرِمْنَا فَضْلَ شَفَاعَتِهٖ, وَاحْشُرْنَا فِيْ زُمْرَتِه,
Bihadyihi wa siirotihi wa tawaffanaa bihaa ‘ala sunnatihi , wa laa tahrimnaa fadl-la syafaa’atihi , wahsyurnaa fii zumrotihi ,
وَاَتْبَاعِهِ الْغُرِّ الْمُحَجِّلِيْنَ, وَاشْيَاعِهِ السَّابِقِيْنَ, وَاَصْحَابِ الْيَمِيْنَ يٰااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
وَصَلَّى اللّٰهُ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى اٰلِهٖ وَاَصْحَابِهِ وَسَلَّمَ وَعَلَى سَائِرِِ الْأَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ وَعَلٰى اٰلِهِمْ وَاَصْحَابِهِمْ اَجْمَعِيْنَ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ
بِالْبَرَكَهْ وَالْكَرَمَهْ . الشَّيْخِ مُحَمَّدْ عَبْدُ الْغَوْثِ سَيْفُ اللّٰهِ مَسْلُوْلُ قَدَّسَ اللّٰهُ سِرَّه . اَلْفَاتِحَةْ
Wa atbaa’ihil ghurril muhajjiliina, wa asy-yaa’ihis saabiqiina, wa ash-haabil yamiin yaa arhamar roohimiina.
Washollalloohu alaa sayyidinaa Muhammadin wa alaa aalihii wa ash-haabihi, Wa’ala saa-iril anbiyaa-i wal mursaliin, wa ‘alaa aalihim wa ash-haabihim ajma’iin Wal hamdulillahi robbil ‘aalamiin.
Bilbarokah wallkaromah. Syaikh Muhammad Abdul Gaos Syaifulloh Maslul Qaddasalloohu Sirrohu. Al-Fatihah.