MUQODIMAH MANQOBAH
السلا م عليكم ورحمت الله وبركته
Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh
ياامام المتقين
ويا صفوةالعابدين
YAA IMAMAL MUTTAQIINA
WA YAA SHOFWATAL ‘AABIDIINA.
وياقوي الاركان
وياحبيب الرحمان
WA YAA QOWIYAL ARKAAN
WA YAA HABIBAR ROHMAAN.
ويامجلي الكلام القديم
وياشفاءاسقام السقيم
WA YAA MUJLIYAL KALAAMIL QODIMI
WA YAA SYIFAAA ASQOOMIS SAQIIMI.
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَلَآ اِنَّ اَوْلِيَآءَ اللّٰهِ لَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُوْنَۚ ۞ اَلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَكَانُوا يَتَّقُوْنَۗ ۞ لَهُمُ الْبُشْرٰى فِي الْـحَيٰوةِ الدُّنْيَا وَفِي الْآخِرَةِۗ لَا تَبْدِيْلَ لِكَلِمٰتِ اللّٰهِۗ ذٰلِكَ هُوَ الْفَوْزُ الْعَظِيْمُ
Bismillaahirrohmaanirroohim. Alaa inna Auliyaa’alloohi laa khoufun ‘alaihim wa laahum yahzanuun. Alladziina aamanuu wakaanuu yattaquun. Lahumul busyroo fil hayaatid dunyaa wa fiil aakhiroh, laa tabdiila likalimaatillaah, dzaalika huwal fauzul ‘azhiim.
Sugrining puji anu sampurna, sareng pangalem sagemblengna, eta tetep kagungan Alloh anu mikawelas ka abdi-abdina, anu ngaluhurkeun darajat anu bakti ka Anjeuna.
Rohmat sareng salam anu utami muga tetep ka pangafdol-afdolna Nabi nyaeta Kanjeng Nabi Muhammad SAW anu parantos dikiatan kalawan mu’jizat anu diutus jadi rohmat kasadayana alam, sareng kakulawargina, sareng kasadayana shohabat, sareng kasadayana Auliya Alloh anu parantos diluhurkeun kalawan dipaparin pirang-pirang karomat. Amma ba’du
Maka ieu sapucuk kitab anu kalintang ringkesna, nyarioskeun manaqibna Sulthonul Auliya wa imamil Ulama Sayyid Abdul Qodir Al-Jailani Qs , kenging metik tina kitab ‘Uquudul La’aali Fii Manaqibil Jayli , sareng tina kitab Tafrìhul Khòtir Fì Manàqibis Sayyid ‘Abdul Qòdir.
Mudah-mudahan aya manfaatna ka sadayana dulur anu kersa ngaos atanapi ngadangu kalawan ngagungkeun kanu kagungan ieu manaqib. Mudah-mudahan ku berkahna anu kagungan ieu manaqib, Gusti anu Maha Suci ka urang sadayana (khususna ka shohibul hajat sakulawargi….,) nurunkeun rohmat sareng nulak tina bahla dunya akherat. dihasilkeun pamaksadan diwuwuh kasalametan. Aamiin..
Ka-MUHARROM
Ka-SHOFAR
Ka-ROBIULAWAL
Ka-ROBIUTSTSANI
Ka-JUMADILULA
Ka-JUMADITSTSANIYAH
Ka-ROJAB
Ka-SYABAN
Ka-ROMADHON
Ka-SYAWAL
Ka-DZULQODAH
Ka-DZULHIJJAH
Ka-DOAMANQOBAH
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 39 NYARIOSKEUN UNGGAL DATANG TAUN ANYAR SOK ULUK SALAM KA ANJEUNA JEUNG SOK NYARITAKEUN NAON-NAON NU BAKAL KAJADIAN DINA TAUN ETA
Dicarioskeun dina Kitab Bahjatul Asror, Sayyid Abdul Qodir hiji waktos ngalayang di awang-awang di luhureun mangrebu-rebu jalma di majlis anjeuna, bari sasauran kieu:
“Henteu bijil mata poe anging mere salam ka kaula. Jeung unggal datang taun anyar, kudu bae mere salam ka kaula jeung nyaritakeun naon barang anu bakal kajadian dina eta taun. Jeung datang bulan, mere salam ka kaula jeung nyaritakeun naon barang nu bakal kajadian dina eta bulan. Jeung datang minggu jeung poena, mere salam ka kaula jeung nyaritakeun naon-naon barang anu bakal kajadian dina eta minggu jeung poe.
Demi kamulyaan Pangeran kaula, jalma-jalma anu bagja anu cilaka, kabeh diasongkeun ka kaula. Jeung jejelmaan panon kaula aya dina Lauhilmahfuzh, jeung kaula teuleum dina lautan elmuna Alloh jeung lautan musyahadah, jeung kaula hujjahna Alloh ka maraneh. Jeung kaula nu jadi gagantì Rosululloh SAW. Jeung kaula ahli warisna di bumi. Manusa aya guruna, jin aya guruna, malaikat aya guruna, ari kaula guruna kabeh”.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 40 NYARIOSKEUN ANJEUNA DIPAPARIN BUKU PIKEUN NULISKEUN MURID-MURIDNA DUGI KA YAUMIL KIAMAH
Dicarioskeun dina Kitab Bahjatul Asror, Sayyid Abdul Qodir ngadawuhkeun kieu:
“Kaula dipaparin buku, ari gedena satungtung paningali, nyaeta pikeun nuliskeun ngaran murid-murid kaula nepi ka poe kiamah, jeung eta murid dipasrahkeun ka kaula, geus jadi kaboga kaula. Lamun murid kaula henteu alus, kaula anu alus. Demi kamulyaan Pangeran kaula, leungeun kaula henteu lesot tina sirah murid kaula, sanajan kaula aya di masyrik, murid kaula aya di maghrib. Lamun murid kaula katembong oratna, tangtu ditutupan ku kaula.
Demi kamulyaan Pangeran kaula, dina poe kiamah, kaula rek nangtung dina lawang jahanam, bisi aya murid kaula anu diasupkeun kana jahanam, karana Gusti Alloh maparin ka kaula, yen murid kaula moal diasupkeun kana jahanam. Saha-saha nu ngaku Guru jeung mahabbah ka kaula, tangtu ditarima ku kaula, jeung tangtu kaula nyanghareup ka eta jalma. Malaikat Mungkar wa Nakir geus jangji ka kaula, di kubur moal mere pikareuwaseun ka murid kaula.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 24 NYARIOSKEUN CALAGEURNA JALMA2 KU NGADAHAR JUJUKUTAN SARENG NGALEUEUT CAI MADROSAHNA SAYYID ABDUL QODIR
Dicarioskeun ku ulama-ulama, di jaman Sayyid Abdul Qodir aya tho’un, nepi ka aya ratus rebuna jalma-jalma anu maraot dina sapoe-sapoena teh, teras arunjukan ka Sayyid Abdul Qodir, dawuhanana: “Saha-saha jalma anu ngahakan jujukutan madrosah kaula, dicageurkeun ku Alloh tina tho’un”.
Tina margi seueurna jalmi, jadi henteu cekap jujukutan pikeun ubar anu ku tho’un. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Saha-saha anu nginum cai madrosah kaula, dicageurkeun ku Gusti Alloh”. Teras eta jalma-jalma ngaleueut tina cai madrosahna, sareng sadayana daramang, sareng leungit eta tho’un.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 27 NYARIOSKEUN NGAGALEUH 40 KUDA ANU SARAE NYAWISAN NU TEU DAMANG
Dicarioskeun aya hiji jalma ti nagara anu anggang ka Baghdad, sarehna eta jalma teh ngadangu kana kamasyhuranana Sayyid Abdul Qodir, teras anjeuna ngadeuheus sumping ka Baghdad. Barang sumping ka Baghdad, ningali istal kagungan Sayyid Abdul Qodir anu kalintang saena. Tatabanana emas sareng perak, sebrak sareng selana sutra anu kalintang saraena, kudana aya 40 anu moal aya bangsana saena. Tidinya eta jalma teh ngomong dina hatena:
“Cenah ieu teh Waliyulloh, tapi buktina tukang Hubud Dunya, piraku aya wali resep-resep teuing kana dunya, anu kieu petana mah henteu pantes disebut Wali”.
Tidinya eta jalma teh goreng sangkana. Teras manehna nyemah di hiji jalma, henteu kersa ngadeuheus ka Sayid Abdul Qodir. Saparantos kitu, brek eta jalma teh gering anu kalintang repotna, sahingga dokter-dokter oge henteu aya nu sanggemeun ngubaran. Tidinya aya sahiji ulama hikmah, saurna: “Ieu panyakit moal cageur lamun henteu di ubaran ku hate kuda 40, sarta kudana anu kieu sipatanana”. Ceuk jalma-jalma: “Moal aya anu kagunganeun kuda anu sarupa kitu mah, sarta sakitu seueurna jabi ti Sayyid Abdul Qodir, tapi coba-coba bae urang suhunkeun, da anjeunana mah kalintang barahanana teh”.
Tidinya teras eta kuda teh disaruhunkeun. Unggal-unggal poe dipareuncitan, diarah hatena, dugi ka seep sadayana. Saparantos eta kuda seep, anu teu damang teh teras damang, sareng teras ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir bade nganuhunkeun.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Lamun maneh henteu terang, eta kuda teh, pangna dibeuli ku kami, keur nyawisan maneh, sabab kami nyaho, yen maneh datang kadieu samata-mata resep ka kami, jeung bakal meunang panyakit, moal aya piubareunana jaba ti 40 hate kuda nu kitu sipatna, tapi maneh henteu nyaho, buktina nyemah oge dinu sejen. Tidinya teras eta jalma teh tobat, sareng dilereskeun patekadanana.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 3 NYARIOSKEUN NGAOSNA SAYYID ABDUL QODIR
Saparantos anjeuna ageung, lajeng ngajugjug ka guru-guru anu laluhur, ka alim-alim anu utami. Didinya anjeuna ngalap pirang-pirang elmu sareng sifat-sifat kautamian.
Sadayana guru anjeuna pada nyarioskeun kana calakanana. Ari ngaosna elmu fiqih ti Abil Wafa Ali Bin Aqil sareng ti Abil Khothob Al-Kaludi sareng ti Abil Husain Muhammad Ibnil Qodli. Ari ngaosna elmu adab ti Abi Zakariyya At-Tabrizi. Ari ngaos elmu thorekat ti Syekh Abil Khoir Hamad Bin Muslim Bin Dzirwati Ad-Dibas. Ari anggoan ku anggoan shufiyahna ku Qodli Abi Sa’id Al-Mubarok.
Anjeuna henteu liren-liren nerekel hanjat kana pangkat kasampurnaan anu luhur kalawan pitulungna anu Maha Agung, sahingga anjeuna calik dina luhur-luhurna kapangkatan.
Anjeuna singkil kalayan pamaksudan anu tetep sarta kiat, yen bade nyepeng sareng ngangkek kadali nafsu anjeuna, bade dipengkolkeun tina karesepna, sahingga anjeuna kenging 25 taun calik dina tegalan Iroq henteu patepang sareng jalma.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 4 NYARIOSKEUN BUDI PEKERTINA SAYYID ABDUL QODIR
Ari akhlakna Sayyid Abdul Qodir, tegesna talajakna eta banget sieun ku Alloh, sahingga gampil pisan kaluar cisocana, sareng diijabah du’ana, pohara barahanana, tebih tina kaawonan, kalintang caketna kana kasaean, barani sareng kukuh dina haq, bengis dina perkara mungkarot, tara bendu karna hawa nafsuna, tara nulungan anu lain karna Alloh, tara nolak kanu jajaluk, sanajan anu nyuhunkeun anggoanana.
Anjeuna kawaris akhlakna akhlak Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Kasepna kawaris kakasepan Kangjeng Nabi Yusuf as. Benerna bener Sayyidina Abu Bakar Shiddiq ra. Adilna adil Sayyidina Umar ra. Hilimna, tegesna kashobaranana shobar Sayyidina Utsman ra. Kagagahanana sareng kabaranianana Sayyidina Ali Karromalloh Wajhah
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 51 NYARIOSKEUN WASIAT SAYYID ABDUL QODIR
Anjeuna parantos wasiat ka putrana anu jenengan Abdur Rozàq kalawan pirang-pirang wasiat.
Sapalihna nyaeta:
Heh anak mama,maneh kudu sieun ku Alloh.
Jeung kudu tho’at ka Alloh.
Jeung kudu nyekel kana syara’.
Jeung kudu ngaraksa kana bates-batesna syara’.
Jeung kudu alus hate.
Jeung kudu barahan tangan.
Jeung kudu daek tulung tinulung kana kahadean.
Jeung ulah bedegong.
Jeung kudu wayahna kana pilara.
Jeung kudu ngaraksa kana kahormatan guru-guru.
Jeung kudu ngahampura kana kasalahan batur.
Jeung kudu nyaah ka fakir-miskin.
Jeung kudu alus reureujeungan jeung batur-batur.
Jeung kudu daek nganasehatan kanu gede kanu leutik.
Jeung ulah papaduan anging dina perkara agama.
Jeung kudu nyaho ari hakekatna faqir eta butuh kabangsa maneh, ari hakekatna sugih eta henteu butuh kabangsa maneh.
Jeung kudu nyaho ari tashowwuf eta tingkahna jalma anu henteu loba omong.
Jeung upama nenjo jalma faqir ulah dimimitian kalawan elmu sabab matak lingas, sabalikna kudu dimimitian ku kanyaah sabab matak lindeuk.
Jeung kudu nyaho maneh satemen-temena tashowwuf eta diadegkeunana kana 8 perkara:
1. Barahan.
2. Ridlo.
3. Shobar.
4. Isyarah.
5. Ngumbara.
6. Make pakean bangsa bulu.
7. Leuleuweungan.
8. Faqir.
Ari barahan eta dipaparinkeun ka Nabi Ibròhhìm as, ari ridlo ka Nabi Ishàq as, ari shobar ka Nabi Ayyùb as, ari isyarah ka Nabi Zakariyyà as, ari ngumbara ka Nabi Yùsuf as, ari make bangsa bulu ka Nabi Yahyà as, ari leuleuweungan ka Nabi ‘Isà as, ari faqir ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Jeung kudu tembongkeun kumaneh kagagahan kabaranian maneh upama reureujeungan jeung anu beunghar. Jeung kudu rendah upama reureujeungan jeung faqir. Jeung maneh kudu ikhlas. Jeung kudu langgeng nenjo ka Alloh. Jeung ulah salah sangka ka Alloh tina sakabeh sabab. Jeung kudu pasrah ka Alloh dina sakabeh hal sakabeh tingkah. Jeung ulah tatagenan ka hiji jalma lantaran baraya atawa sobat. Jeung kudu ngakhodaman fuqoro kalawan 3 perkara.
Ka 1: Tawadlo.
Ka 2: Alus budi pekerti.
Ka 3: Bersih hate.
Jeung kudu nyaho maneh satemen-temena anu pangdeukeut-deukeutna ka Alloh eta nu pangalusna budi pekertina. Ari pangutamana amal nyaeta ngaraksa hate tina ngaleret kasalian Alloh.
Jeung lamun kumpul jeung fuqoro kudu wasiat kalawan shobar jeung haq. Jeung cukup kamaneh tina dunya 2 perkara.
Ka 1: Reureujeungan jeung faqir
Ka 2: Ngahormat wali,
Jeung ulah dipake sugih hiji perkara salian ti Alloh.
Jeung kudu nyaho upama gagah kasasama eta dlo’if, tegesna henteu kasebut gagah. Upama gagah kasaluhureun eta kumuluhung.
Jeung kudu nyaho satemen-temena tashowwuf jeung faqir eta duanana perkara sabener-benerna, lain heureuy, kusabab kitu ulah dicampuran heureuy.
Tah sakitu wasiat mama teh. Muga-muga Gusti Alloh maparin taufiq kamaneh jeung kasakabeh murid-murid.
Jeung anu ngadenge wasiat mama ieu sing barisa ngamalkeunana kalawan ka-Agungan Gustina sakabeh utusan.
Aamiin”.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 53. NYARIOSKEUN PUPUSNA SAYYID ABDUL QODIR
Barang parantaos caket kana pupusna Sayyid Abdul Qodir, sumping Malaikat ‘izroil dina waktu surup mata poe nyandak tulisan, addresna: “yashilu hhàdzal maktùbu minal muhibbi ilal mahbùbi”. Hartosna: “Datangna ieu tulisan tinu mikaasih kanu diasih”. Teras eta serat ku malaikat disanggakeun ka putrana, Abdul Wahàb. Barang putrana ningali eta serat, teras nangis. Tidinya teras lebet sareng anjeuna ka Sayyid Abdul Qodir. Ari pupusna dina malem senen ba’da isya, kaping 10 atanapi 11 Silihmulud taun 561 Hijriyyah.
Barangna bade pupus, nimbalan ka putra-putrana: “Sing jarauh maraneh ti kaula, sabab kaula zhohirna jeung maraneh, bathina jeung lian maraneh, jeung legaan ieu tempat, sabab geus hadir lian maraneh, jeung
kudu aradab maraneh”. Sareng dina sadinten sawengi henteu liren-liren ngaos: “wa ‘alaikumus salàm wa rohmatullòhhi wa barokàtuh, ghofarollòhu lìwalakum, tàballòhhu ‘alayya wa ‘alaikum, bismillàhi ghoiro mawdi’ìna”.
Sareng ngaos: “tùbù wad khulù fìsh-shoffil awwali idzan ajì-u ilaikum”. Sareng ngaos: “rifqon rifqon wa ‘alaikumus salàmu ajì-u ilaikum”.
Sareng ngaos: “qifù atàhul haqqu wa sakarotul mauti”.
Sareng dawuhanana: “Ulah aya nu nanyakeun ka kaula hiji perkara saba’da kaula bulak-balik dina elmuna Alloh”. Sareng ngaos: “ista’angtu bilà ilàhha illallòhu subhànahhu wa ta’àlà wal hayyil ladzì là yahsyàl ghoutsu subhàna mang ta’azzaza bilqudroti wa qohhharo ‘ibàdahhù bilmauti là ilàhha illallòhhu muhammadur rosùlullòh ta’azzaza ta’azzaza Allòhu Allòhu Allòhu”. Sowantena bedas, teras lalaunan pupus ridlwànullòh ‘alaihh.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 35 NYARIOSKEUN SYEKH AHMAD KANJI JADI MURIDNA SAYYID ABDUL QODIR KALAWAN PITUDUH GURUNA
Kacarioskeun hiji waktos Syekh Ahmad Kanji nuju abdas, aya kereteg dina manahna yen thorekatna Sayyid Abdul Qodir leuwih dipikaresep tibatan thorekat-thorekat sejena.
Kereteg Syekh Ahmad Kanji kitu teh kauninga ku guruna, Syekh Abi Ishaq Maghribi. Saur guruna:
“Nyaho maneh martabatna Sayyid Abdul Qodir?”. Saur Ahmad Kanji: “Henteu !”.
Saur guruna: “Sayyid Abdul Qodir teh kagungan 12 sifat. Lamun lautan dijieun mangsina, tatangkalan dijieun kalamna, manusa jeung jin jeung malaikat anu nuliskeunana, tangtu moal katuliskeun sahiji sifat oge”.
Barang Syekh Ahmad Kanji ngadangu cariosan guruna kitu teh, anjeuna banget mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir, sareng banget ngarep-ngarepna palay ulah waka pupus upama teu acan lebet kana thorekatna.
Tidinya teras anjeuna angkat ka Baghdad. Barang nembe dongkap ka hiji gunung di jajahan Ajmir, anjeuna mendak hiji wahangan, teras abdas.
Saparantos abdas teras netepan. Saparantos netepan anjeuna teras kulem.
Dina kulem anjeuna kasumpingan Sayyid Abdul Qodir nyandak makuta beureum sareng sorban hejo, teras Syekh Ahmad ngadeg ngahurmat ka Sayyid Abdul Qodir.
“Kadieu sing deukeut”, saur Sayyid Abdul Qodir.
Teras Syekh Ahmad Kanji nyaketan, teras makuta beureum sareng sorban hejo teh dianggokeun ka anjeuna.
Saur Sayyid Abdul Qodir: “Heh Ahmad Kanji, ayeuna maneh geus jadi anak murid kaula, jeung maneh geus jadi tina satengahna Rizalulloh”.
Les deui Sayyid Abdul Qodir teh henteu aya.
Barang Syekh Ahmad Kanji gugah, makuta sareng sorban aya dina mastakana, teras Syekh Ahmad Kanji syukur ka Gusti Alloh, sareng teras mulih deui ka guruna, nyarioskeun lalakona sareng ningalikeun makutana.
Saur guruna: “Heh Ahmad Kanji, ieu makuta jeung sorban kaberkahan pikeun maneh. Pohara maneh dipikaasihna ku Sayyid Abdul Qodir, jeung ayeuna maneh jadi pangunjulna wali”.
Teras Syekh Abi Ishaq Maghribi ngalap berkah, nganggo makuta sareng sorban tea. Tidinya dipasihkeun deui ka Syekh Ahmad.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 36 NYARIOSKEUN SYEKH AHMAD KANJI NGALA SULUH BARANG BADE DISUHUN SULUHNA NGAPUNG KALUHUREUN SIRAH SYEKH AHMAD
Syekh Ahmad Kanji teh khidmahna atanapi padamelanana ngala suluh kangge masak roti faqir-faqir.Barang saparantos nganggo makuta ti SAQ,saur guruna: “Ahmad Kanji,ayeuna mah maneh henteu layak,ngewa ngala suluh,sabab sirah maneh geus dimakutaan ku makuta mulya”.
Tidinya Syek Ahmad Kanji maksa nyuhunkeun widi ti guruna,saur guruna: “Nya ari keukeuh mah,jig bae”.
Tidinya teras Syekh Ahmad Kanji angkat ka gunung,teras ngempelkeun suluh,tidinya teras dibeungkeut.Barang bade disuhun,suluh teh jung ngapung kana luhureun sirah Syekh Ahmad,cicing di awang-awang kira-kira sahasta tina sirahna syekh Ahmad.
Tidinya teras Syekh Ahmad mulih ka guruna.Beungkeutan suluh teh ngalayang bae di awang-awang nuturkeun Syekh Ahmad.
Barang sumping ka guruna,nyaeta Syekh Abi Ishaq Maghribi tea,saur guruna: “Tah Syekh Ahmad,tadi ceuk kaula kumaha,sirah maneh henteu pantes dipake nyuhun suluh,sabab geus ditetepan makuta jeung sorban anu mulya,ti waktu ayeuna meugeus entong deui-deui ngala suluh,maneh ku SAQ geus ditepikeun kana pangkat Rijalulloh”.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 15 NYARIOSKEUN JENENGAN SAYYID ABDUL QODIR CARA ISMUL A’ZHOM
Dicarioskeun dina kitab Haqoiqul Haqoiq, aya hiji awewe ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, teras unjukan pokna:
“Gusti, abdi teh gaduh anak mung hiji-hijina, ayeuna ti teuleum di laut. Dupi abdi gaduh kayakinan, yen Gusti tiasa ngabalikkeun anak abdi sarta hirup.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Enya, jig bae balik. Anak maneh geus aya di imah”.
Tidinya teras eta awewe gura-giru balik.
Barang dongkap ka imahna, anakna henteu aya.
Tidinya berengbeng deui awewe teh ka Sayyid Abdul Qodir bari ruwuh-riwih ceurik, unjukan yen anakna henteu aya.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Ayeuna mah tangtu geus aya”.
Deregdeg deui eta awewe balik.
Ari dongkap ka imahna, anakna teu acan aya keneh. Gowak deui ceurik. Teras ngadeuheus deui ka Sayyid Abdul Qodir, bari ceurik mamandapan, nyuhunkeun anakna hayang hirup deui, hayang aya deui.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir nungkulkeun sirahna.
Barang cengkat, ngadawuh. Saurna: “Ayeuna mah moal salah deui, anak maneh geus aya”.
Tidinya teras eta awewe balik.
Barang dongkap, anakna geus aya di imahna sarta salamet.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir munajat. Piunjukna:
“Jisim abdi kalintang isinna ku eta awewe, dugi ka tilu kali nembe aya anakna. Kumaha margina, sareng naon hikmahna numawi dielatkeun, dugi ka abdi kawirangan dua kali?”.
Dawuhan Gusti Alloh: “Omongan maneh ka eta awewe kabeh oge bener. Barang mimiti disebutkeun aya teh bener, tapi kakara dikumpulkeun ku malaikat jiwa ragana nu geus pabencar. Ka dua kali oge bener, tapi kakara jejeg anggahotana sarta dihirupan. Ka tilu kalina eta awewe datang ka imahna, geus dihanjatkeun ti laut, didatangkeun ka imahna”.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir unjukan deui:
“Gusti mah ngadamel makhluk anu sakieu poharana henteu kalawan kasusahan. Nya kitu deui dina ba’atsna ngumpulkeun sakabeh jiwa raga makhluk nu sakitu seueurna mung sakedet netra. Ari ieu mah hiji budak, naon hikmahna Gusti numawi sakitu lamina?”.
Dawuhan Gusti Alloh:
“Abdul Qodir, maneh entong jadi raheut hate. Ayeuna pek geura menta, maneh hayang naon, tangtu dipaparin ku aing?”.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir sujud sarta unjukan. Saurna:
“Gusti kholik anu ngadamel, ari abdi makhluk anu didamel. Naon-naon oge paparin Gusti, abdi kalintang nuhunna”.
Dawuhan Gusti Alloh:
“Saha anu nenjo kamaneh dina poe juma’ah, ku aing didamel wali. Jeung lamun maneh nenjo kana taneuh, tangtu jadi emas”.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Gusti, ieu duanana oge henteu pati aya mangfaatna ka abdi. Abdi nyuhunkeun anu agung ti eta, sareng tetep mangfaatna saparantos maot abdi”.
Dawuhan Gusti Alloh:
“Ngaran maneh dijieun seperti ngaran kami dina ganjaranana jeung manjurna. Saha-saha anu maca kana ngaran maneh, ganjaranana sarua jeung maca jenengan kami”.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 16 NYARIOSKEUN NGAHIRUPKEUN HIJI JALMA TI JERO KUBUR
Dicarioskeun dina kitab Asroruth Tholibin, Sayyid Abdul Qodir hiji waktos ngalangkung kana hiji tempat.
Anjeuna mendak jalma islam keur paadu paloba-loba omong jeung bangsa nashroni. Teras ku Sayyid Abdul Qodir dipariksa sabab-sababna papaduan.
Ceuk bangsa islam:
“Eta Gusti, paalus-alus nabi. Sanggem abdi, utami Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Ari sanggem ieu nashroni, utami Nabi Isa”.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir ka nashroni:
“Eta maneh nyebutkeun utami Nabi Isa, naon dalilna?”.
Ceuk nashroni:
“Eta, Nabi Isa mah sok tiasa ngahirupkeun jalma nu geus maot”.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Maneh nyaho kaula lain nabi, ngan saukur anu anut jeung nyekel agama Nabi Muhammad?”.
Ceuk nashroni:
“Kantenan bae terang mah”.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Lamun kaula bisa ngahirupkeun anu geus maot, maneh rek iman ka Nabi Muhammad?”.
Jawabna:
“Kantenan bade iman”.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Coba urang neangan kuburan anu geus heubeul”.
Nya manggih kuburan anu kira-kira geus 500 taun lamina.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Nabi Isa ari ngahirupkeun anu geus maot, kumaha pokna?”.
Ceuk nashroni:
“Qum bi idznillàh”.
Hartosna:
“Hudang maneh kalawan idzin Alloh” .
“Geura kami mah dengekeun kieu: Qum bi idznì”. Hartosna:
“Nangtung maneh kalawan idzin kami!”.
Tidinya tuluy eta kuburan beulah. Tuluy eta mayit teh bijil ti kuburna bari nembang. Tadina eta jalma tukang tembang, Teras eta nashroni asup islam.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 17 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR NGAREBUT NYAWA KHODAMNA TI MALAKAL MAUT
Dicarioskeun ku Abbil Abbas Ahmad Rifa’i:
“Salah sawios khodamna Sayyid Abdul Qodir maot. Teras pamajikanana ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, keukeuh nyuhunkeun salakina hayang hirup deui.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir muroqobah, mangka ningali anjeuna dina alam bathin, malakal maot keur hanjat ka langit nyandak roh nu dicabut dina poe eta, diwadahan dina wadah ma’nawi sarupi zambil.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Heh Malakal Maut, eureun heula, jeung kadieukeun roh bujang kaula si anu ngarana !”.
Saur Malakal Maut:
“Moal tiasa masihkeun, margi kaula nyabutan arwah teh lain sakarep-karep kaula, tapi kalawan parentahan Pangeran, sarta kudu disetorkeun ka anjeuna”.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Enya, kaula oge terang. Tapi eta mah roh bujang kaula, kadieukeun bae”.
Saur Malakal Maut:
“Moal tiasa !”.
Keukeuh anu nyuhunkeun sareng keukeuh anu henteu maparinkeun.
Tungtungna dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Kalawan kamahabbahan kaula ka Gusti Alloh, kadieukeun eta roh bujang kaula !”. Bari teras eta wadah arwah teh direbut ku Sayyid Abdul Qodir. Teras diucutkeun.
Atuh budal sadayana roh anu kenging nyabutan ti isuk teh laleupasan, baralik deui kana jasadna.
Tidinya teras Malakal Maut teh unjukan ka Gusti Alloh Anu Maha Suci. Piunjukna:
“Beu Gusti, Gusti langkung uninga kana kaayaan kakasih Gusti, wali Gusti Abdul Qodir”.
Dawuhan Gusti Alloh:
“Enya eta Abdul Qodir teh kakasih aing. Bongan roh bujangna kumaneh henteu dibikeun, jadi bae roh anu sakitu lobana mawur. Ayeuna maneh hanjakal henteu dibikeun”.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 11 NYARIOSKEUN NGADAMPALNA KANGJENG NABI KANA PUNDAKNA SAYYID ABDUL QODIR
Dicarioskeun ku Syekh Rosyid Bin Muhammad Al-Junaidi:
“Dina wengian mi’roj Kangjeng Nabi, sumping malaikat Jibril nyandak buroq.
Ari talapokna eta buroq ngagebur cara bulan.
Ari paku-pakuna cara bentang.
Barang disanggakeun ka Kangjeng Nabi, eta buroq henteu daekeun cicing. Timbalan Kangjeng Nabi: “Kunaon buroq, numatak maneh henteu daek cicing, naha maneh teh embung ditumpakan ku kaula?”.
Tuluy eta buroq unjukan. Pokna:
“Nyawa abdi jadi tetebus taneuh gamparan Gusti. Abdi sanes henteu purun ditunggangan ku Gusti, mung abdi aya panuhun ka Gusti, nyaeta dina dinten kiamah, nalika Gusti bade lebet ka surga, ulah nunggangan nu sanes”.
Dawuhan Rosululloh:
“Heug, dikobul pamenta maneh”.
Unjukan deui eta buroq:
“Mugi Gusti kersa nyepengkeun panangan Gusti kana punduk abdi, supaos jadi tawis dina dinten kiamah”.
Teras panangan Kangjeng Nabi dicepengkeun kana pundukna buroq.
Kumargi eta buroq kalintang bingahna, dugi ka jasadna eta buroq henteu cekap pikeun wadah ruhna. Kapaksa eta buroq harita keneh ngajangkungan dugi ka 40 hasta.
Tidinya Kangjeng Rosululloh ngadeg sakedap, wireh ningali buroq sakitu jangkungna, tawaquf kana titihan anu saneh.
Tidinya teras sumping ruhna Ghoutsul A’zhom Sayyid Abdul Qodir Al-Jailani, teras unjukan:
“Gusti, mangga ieu punduk abdi titih ku Gusti”.
Teras Kangjeng Nabi nitih kana punduk Ghoutsul A’zhom. Teras Ghoutsul A’zhom ngadeg. Teras Kangjeng Nabi tunggang kana buroq, sareng ngadawuh Kangjeng Nabi:
“Ieu dampal suku kaula nincak kana punduk maneh. Ari dampal suku maneh eta nincak kana pundukna sakabeh waliyulloh”.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 7 NYARIOSKEUN IBADAHNA SAYYID ABDUL QODIR
Dawuhan Syekh Abù ‘Abdillah Muhammad Al-Hirowi:
“Jisim kuring ngarencangan Sayyid Abdul Qodir kenging 40 taun.
Dina lebet sakitu, anjeuna sok netepan shubuh ku wudhu isya.
Upami anjeuna parantos netepan isya, teras lebet kapangkeng, teras nyepen dipangkeng dugi ka shubuh.
Malah sok sering pisan bangsa raja-raja anu bade nepangan ka anjeuna, upami wengi mah tara tiasa nepangan, kapaksa sok ngantos dugi ka shubuh”.
Dawuhan Syekh Muhammad Al-Hirowi:
“Hiji wengi jisim kuring nyarengan ka Sayyid Abdul Qodir henteu mondok sakerejep-kerejep acan.
Ari damelna sonten keneh netepan sunnat.
Ari kawenginakeun teras dzikir.
Ari parantos ngalangkung sepertiluna wengi teras ngaos:
“almuhìthur robbusy syahhìdul hasìbul fa’àlul khollàqul khòliqul bàri-ul mushowwir”.
Tidinya salirana beuki alit-beuki alit, dongkap ka alit pisan.
Henteu lami, salirana ngageungan deui, sepertos tadi.
Ari parantos ageung, teras ngajungjung, beuki luhur-beuki luhur, dugi ka les henteu katingali.
Ari parantos lami, jol deui sumping, teras ngadeg deui netepan, sareng kalintang lamina dina sujud.
Kitu bae damelna, dugi ka duapertiluna wengi.
Ari parantos ngalangkung duapertiluna wengi, teras ngadep ka kiblat, ngaos pirang-pirang du’a.
Tidinya jol cahaya, nyorot ka anjeuna, dugi ka anjeuna henteu katingali salirana, kabulen ku eta cahaya, sareng kakuping henteu liren-liren anu uluk salam ka anjeuna dugi ka bijil fajar”.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 2 NYARIOSKEUN DIPEDALKEUNANA SAYYID ABDUL QODIR
Ari dipedalkeunana di nagara Jailan, nyaeta 1 nagara bawahan Thobristan, dina wengian kaping 1 sasih Romdon taun 471 Hijrah. Ari pupusna di nagara Baghdad kaping 10 Silihmulud taun 561, jadi yuswana mung 91 taun.
Dina wengian dipedalkeunana aya 5 karomah.
Karomah nu ka 1:
Ramana Sayyid Abdul Qodir nyaeta Abì Shòlih Mùsà Janakì ngimpen kasumpingan Kangjeng Nabi diiring ku sahabatna sareng ku imam-imam mujtahidin sareng kupara aulia. Teras Kangjeng Nabi nimbalan ka ramana Sayyid Abdul Qodir, dawuhanana:
“Heh Abù Shòlih, maneh ku Gusti Alloh dipaparin anak lalaki, eta teh anak kaula jeung kakasih kaula jeung kakasihna Gusti Alloh, jeung bakal meunang pangkat anu luhur dina pangkat kawalian seperti kaluhuran kaula dina pangkat kanabian.
Karomah nu ka 2:
Nabi-Nabi oge saba’dana Kangjeng Nabi pada ngabubungah ka ramana Sayyid Abdul Qodir, yen bakal kagungan putra anu bakal jadi Sulthònul Auliyà, sareng sadayana wali-wali salian ti imam anu ma’shum eta di bawah putrana, sareng dampal sampeanana bakal didampalkeun kana pundakna wali-wali, sareng sadayana wali-wali anu tunduk ka anjeuna bakal naek pangkatna, anu henteu tunduk ka anjeuna bakal dilepas ku Gusti Alloh tina kawalianana.
Karomah nu ka 3:
Henteu aya nu dipedalkeun dina wengian dipedalkeun Sayyid Abdul Qodir di nagara Jailan, anging sadayana pameget, ari seueurna 1100, sadayana jadi wali, sapaos jadi pangiringna.
Karomah nu ka 4:
Sayyid Abdul Qodir tibarang dipedalkeun henteu kersaeun nginang siang dina sasih romdon, ana nginang sok dina waktos boboran.
Karomah nu ka 5:
Dina walikatna Sayyid Abdul Qodir katingali tapak dampal sampean Kangjeng Nabi SAW, nyaeta tilas munggu anjeuna bade tunggang kana buroq dina wengian mi’roj, sareng waktos medalna disarengan kucahaya anu pohara, sahingga jalma-jalma henteu aya anu kuat ningali, ari yuswa ibuna waktos harita yuswana 60 taun, eta oge hiji perkawis anu luar biasa.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 32 NYARIOSKEUN BOBORANANA DI 70 BUMI MURIDNA DINA HIJI WAKTOS
Dicarioskeun, dina hiji waktos sasih siyam, Sayyid Abdul Qodir diundang boboran ku 70 murid. Masing-masing palay disumpingan kabumina, sareng itu-ieu henteu tarerangeun pada ngundang ka Sayyid Abdul Qodir.
Barang dongkap kana waktos boboran, eta nu 70 bumi, kasumpingan, kasubadanan ku Sayyid Abdul Qodir, sareng anjeuna aya boboran di bumina.
Hal kajadian ieu kalintang pisan masyhurna di Baghdad.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 22 NYARIOSKEUN NGAMERDEKAKEUN ABID SARENG ANGGOANANA
Dicarioskeun dina sapalihna kitab, Sayyid Abdul Qodir dina saban-saban lebaran sok ngagaleuh pirang-pirang abid.
Kenging ngagaleuh teh teras dimerdekakeun, sareng sadayana sina wushul ka Alloh.
Ari anggoanana kalintang saraena. Ana nganggo sok anu pangaosna 10 jene saelona.
Ari dasterna pangaos 70 rebu jene.
Gamparanana ditaretes ku inten, jamrud sareng berlian. Pakuna perak. Nanging anggoanana anu sakitu seueurna teh, upami aya anu nyuhunkeun, sok dipasihkeun.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 33 NYARIOSKEUN NYALAMETKEUN HIJI ISTRI MURIDNA SAYYID ABDUL QODIR TINA KHIANATNA HIJI LALAKI PASEK
Di Baghdad aya hiji istri kalintang geulisna. Eta istri memeh lebet kana golongan muridna Sayyid Abdul Qodir, dipikahayang ku hiji lalaki pasek, sareng kahayangna ku eta istri henteu dilayanan, tapi eta lalaki teh henteu eureun neangan jalan supaya laksana maksudna.
Barang dina hiji dinten, eta istri aya kaperyogian angkat ka hiji guha nyalira.
Henteu gaduh sangka eta lalaki nuturkeun pungkureunana.
Barang parantos dongkap kana guha, terus eta lalaki rek khianat, rek ngarumpak kahormatan istri tea.
Tidinya eta istri ngagero ka Sayyid Abdul Qodir.
Waktos harita Sayyid Abdul Qodir nuju abdas di madrosahna, teras gamparan anjeuna duanana dibaledogkeun ka jihat guha.
Barang si lalaki pasek bade maksa ka eta istri, gedag-gedag gamparan anu dua teh narenggeulan ka lalaki tea tepi kapaeh harita keneh.
Saparantos kitu, eta dua gamparan dicandak ku eta istri, disanggakeun ka Sayyid Abdul Qodir, sareng nyarioskeun lalakon di payuneun jalma seueur.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 31 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR NYIUM PANANGAN KANGJENG NABI WAKTOS ZIARAH
Hiji waktos anjeuna angkat ziarah ka eyangna ka Madinah.
Barang sumping ka Hujroh Syarifah, Pakuleman Anu Mulya, anjeuna ngadeg di payuneunana kenging 40 dinten.
Panangan duanana di kana dadakeun, bari munajat ku ieu 2 bet:
ذُنُوْبِي كَمَوْجِ الْبَحْرِ بَلْ هِيَ اَكْثَرُ ۞ كَمِثْلِ الْجِبَالِ الشَّامِّ بَلْ هِيَ اَكْبَرُ
وَلَكِنَّهَا عِنْدَ الْكَرِيْمِ اِذَا عَفَا ۞ جَنَاحٌ مِنَ الْبَعُوْضِ بَلْ هِيَ اَصْغَرُ
“Dzunùbì kamaujil bahri bal hhiya aktsaru, kamitslil jibàlits tsummi bal hhiya akbaru. Walàkinnahà ‘ingdal karìmi idzà ‘afà, janàhum minal ba’ùdli bal hhiya ashghoru”.
Hartosna:
“Ari dosa sim abdi ibarat budah laut, ibarat gunung luhur, malihan langkung ageung. Nanging upami Gusti nu loman ngahampura, ibarat jangjang rametuk, malih kirang”.
Teras anjeuna munajat deui ku ieu 2 bet:
فِي حَاَلِة الْبُعْدِ رُوْحِي كُنْتُ اُرْسِلُهَا ۞ تُقَبِّلُ الْأَرْضَ عَنِّي وَهِيَ نَائِبَتِي
وَهَذِهِ نَوْبَةُ الْأَشْبَاحِ قَدْ حَضَرَتْ ۞ فَامْدُدْ يَمِيْنَكَ كَي تَحْظَى بِهَا شَفَتِي
“Fì hàlatil bu’di rùhì kungtu ursiluhà, tuqobbilul ardlo ‘annì wahya nà-ibanì. Wa hhàdzihhì naubatul asybàhi qod hadlorot, famdud yamìnaka kay tuhzhò bihhà syafatì”.
Hartosna: “Waktos tebih ti Gusti, ruh sim amdi dijurung, ngadeuheusan ka dampal Gusti wawakil abdi. Dupi ayeuna abdi pribadi dumeuheus, mugi panangan Gusti kaluarkeun ka abdi”.
Barang parantos kitu, jol panangan anu mulya kaluar tina Hujroh Syarifah. Teras ku Sayyid Abdul Qodir dicepeng, sareng diambung, sareng disimpen dina luhur mastakana.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
MANQOBAH KA 8 NYARIOSKEUN NU DIDAMEL DADASAR PADAMELAN SAYYID ABDUL QODIR
Sayyid Abdul Qodir ditaros:
“Naon anu ku tuan didamel dadasar dina padamelan?”.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“‘Alash shidqi wa mà kadzibtu qoth”. Hartosna:
“Ari tangtungan kaula jeung dadasar kalakuan kaula, nyaeta bener pantrang bohong”.
Dicarioskeun waktos anjeuna murangkalih, dina ping 9 Rayagung, anjeuna ngagiringkeun onta, bade diangon di tegalan.
Barang eta onta keur digiringkeun, eta onta ngomong, pokna:
“Heh Abdul Qodir, anjeun mah didamel teh sanes pikeun ngangon onta!”.
Anjeuna kaget aya onta ngomong kitu. Teras eta onta dilesotkeun.
Ari anjeuna teras angkat ka loteng, ka ibuna, teras unjukan. Saurna:
“Ibu, tadi onta anu bade diangon ku abdi teh nyaram ngangon ka abdi, sanggemna: maneh mah Abdul Qodir, didamel ku Gusti Alloh teh lain calon kana ngangon onta. Kumargi eta, manawi ibu rempag mah, abdi bade masantren ka Baghdad”.
Ibuna ngadangu unjukan putrana, kalintang bingahna. Saurna:
“Atuh nuhun ari ujang hayang masantren mah, ibu kacida ridona. Tah ieu keur bekelna 40 dinar. Engke, di mana-mana aya ontan-ontan anu rek ka Baghdad, ujang milu, nurut ludeung. Tapi ibu wasiat, kudu bener dina sagala ucap-ucapan jeung kalakuan”.
Saur Sayyid Abdul Qodir:
“Nyuhunkeun hibar ibu bae”.
Henteu kantos lami ti waktos harita, Sayyid Abdul Qodir teras ngiring sareng ontan-ontan anu ka Baghdad.
Henteu kacarioskeun lamina, Sayyid Abdul Qodir parantos ngaliwat nagara Hamdan.
Barang dongkap kadinya, burubul aya 60 rampog tarumpak kuda, sarta sadia parabot-parabotna, teras sadayana sodagar dirampog.
Barang meneran ka Sayyid Abdul Qodir, ceuk hiji rampog:
“Silaing boga naon?”.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Boga 40 dinar, dikaput dina handapeun kelek kaula!”.
Ceuk rampog: “Kitu patut boga 40 dinar, jor bae kaditu mantog!”.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir liwat. Gok deui jeung rampog sejena, teras nanya deui cara tadi, ku Sayyid Abdul Qodir diterangkeun cara kanu tadi.
Eta rampog henteu percayaeun deui bae.
Tidinya kabejakeun ka kapalana rampog, yen aya nu ngaku boga 40 dinar, tapi henteu dipercaya ku sarerea oge.
Ceuk kapalana:
“Coba barawa kadieu, silaing mah kawas anu burung, lain dibuktikeun, boa teuing enya bogaeun 40 dinar”.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir dibarawa ku rampog teh ka kapalana.
Barang sumping ka kapalana rampog, teras ditaros cacandakanana.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Boga 40 dinar ceuk kaula oge, tah ieu dikaput handapeun kelek. Lamun anjeun henteu percaya, urang buktikeun!”.
Teras kawayna dibuka. Artosna dibilang anu 40 dinar teh hareupeunana.
Sajongjonan mah kapala rampog teh ngahuleng bae.
Tidinya teras naros ka Sayyid Abdul Qodir:
“Naon pangarahan anjeun nu matak ngaku sabenerna? Kapan deungeun-deungeun mah, sumawona loba-loba kitu, boga sadinar oge tara ngabejakeun ari acan ditakol mah?”.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Kaula mah henteu boga pangarahan naon-naon, ngan indung kaula miwarang kudu bener. Kaula moal nyulayaan kana wasiat indung”.
Tidinya segruk eta kapala rampog teh ceurik, bari ngomong kieu:
“Eumh, salira mah, dina tempat nu sakieu weritna henteu wani ngarempak larangan indung. Naha ari kaula, geus sababaraha taun gawe teh ngan wungkul ngarempak larangan Pangeran bae. Mana teuing Pangeran benduna ka kaula. Tah, ayeuna saksian ku salira, yen kaula tobat ka Gusti Alloh ditangan sampean”.
Tidinya rampog anu 60 teh pada tobat.
Barang-barangna anu kenging ngarampog, teras dipulangkeun kanu gaduhna.
Ari saparantos kitu, teras anjeuna angkat ka Baghdad. Harita yuswana 18 taun.
اللّٰهُمَّ انْثُـرْ عَلَيْهِ النَّفَحَاتِ وَالرِّضْوَانِ، وَأَمِدَّنَا بِأَسْرَارِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَمَكَانِ
Alloohumman tsur A’laihin nafahaati war Ridhwaan, Wa’amiddanaa Bi Asroorihii Fii Kulli Waqtiw Wamakaan.
———۞۞۞———
اِلَى حَضْرَةِ سُلْطَانِ الْاَوْلِيَاءِ وَقُدْوَةِ الْاَصْفِيَاءِ قُطْبِ الرَّبَّانِيْ وَالْغَوْثِ الصَّمَدَنِي السَّيِّدِ الشَّيْخِ عَبْدُالْقَادِرِاَلْجَيْلَانِيْ (اَلْفَاتِحَةْ)
Ila hadlroti sulthonil auliya-i wa qudwatil ashfiya-i quthbir robani wal ghoutsush shomadani sayyidi assayyid ‘abdul qodir aljailani. Al-Fatihah
اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلٰى سَيِّدِنَا وَحَبِيْبِنَا وشفعن وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى اٰلِهٖ وَاَصْحَابِهٖ اَجْمَعِيْنَ اٰمِينْ.
Allohhumma sholli wa sallim ‘ala sayyidina wa habibina wa syafi’ina wa maulana muhammadiw wa ‘ala alihhi wa ashhabihhi ajma’ina. Aamiin
اَللّٰهُمَّ بِاَسْمَائِكَ الْحُسْنَى, وَبِاَسْمَاءِ نَبِيِّكَ الْمُصْطَفٰى, وَبِاَسْمَاءِ وَلِيِّكَ,
عَبْدُ الْقَادِرِ الْمُجْتَبَى طَهِّرْ قُلُوْبَنَا مِنْ كُلِّ وَصْفٍ يُبَاعِدُنَا عَنْ مُشَاهَدَتِكَ
Allohhumma bi asma-ikal husna , wa bi-asma-i nabiyyikal mushthofa , wa bi-asma-i waliyyika, ‘Abdul Qòdiril mujtaba thohhir quluubana ming kulli washfiy yuba’iduna ‘am musyahhadatika,
وَمَحَبَّتِكَ وَاَمِتْنَا عَلَى السُّنَّةِ وَالْجَمَاعَةِ, وَشَرِّحْ بِهَا صُدُوْرُنَا, وَيَسِّربِهَا اُمُوْرَنَا, وَفَرِّجْ بِهَا هُمُوْمَنَا,
Wa mahabbatika wa amitna ‘ala sunnati wal jama’ah , wa syarrih bihaa shuduuronaa , wa yassir bihaa umuuronaa, wa farij bihaa humuumanaa,
وَاكْشِفْ بِهَا غُمُوْمَنَا, وَاغْفِرْ بِهَا ذُنُوْبَنَا, وَاقْضِ بِهَا دُيُوْنَنَا, وَاَصْلِحْ بِهَا اَحْوَالَنَا,
Waksyif bihaa ghumuu manaa , waghfir bihaa dzunuubanaa , waqdli bihaa duyuunanaa ,wa ashlih bihaa ahwalana ,
وَبَلِّغْ بِهَا اٰمَالَنَا, وَتَقَبَّلْ بِهَا تَوْبَتَنَا, وَاغْسِلْ بِهَا حَوْبَتَنَا, وَانْصُرْ بِهَا حُجَّتَنَا,
Wa balligh bihaa aamaalanaa , wa taqobbal bihaa taubatanaa , waghsil bihaa haubatanaa , wangshur bihaa hujjatanaa ,
وَاجْعَلْنَا بِهَا مِنَ الْمُتَّبِعِيْنَ, لِشَرِيْعَةِ نَبِيِّكَ الْمُتَّصِفِيْنَ, بِمَحَبَّتِهِ الْمُهْتَدِيْنَ
Waj ‘alnaa bihaa minal muttabi’iina , Lisyarii’ati nabiyyikal muttashifiina, bi-mahabbatihil muhtadiin,
بِهَدْيِهٖ وَسِيْرَتِهٖ وَتَوَفَّنَا بِهَا عَلىَ سُنَّتِهٖ, وَلَا تَحْرِمْنَا فَضْلَ شَفَاعَتِهٖ, وَاحْشُرْنَا فِيْ زُمْرَتِه,
Bihadyihi wa siirotihi wa tawaffanaa bihaa ‘ala sunnatihi , wa laa tahrimnaa fadl-la syafaa’atihi , wahsyurnaa fii zumrotihi ,
وَاَتْبَاعِهِ الْغُرِّ الْمُحَجِّلِيْنَ, وَاشْيَاعِهِ السَّابِقِيْنَ, وَاَصْحَابِ الْيَمِيْنَ يٰااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
وَصَلَّ اللّٰهُ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى اٰلِهٖ وَاَصْحَابِهِ وَعَلَى سَائِرِ الْأَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ وَعَلٰى اٰلِهِمْ وَاَصْحَابِهِمْ اَجْمَعِيْنَ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ
بِسْمِ. الشَّيْخِ مُحَمَّدْ عَبْدُ الْغَوْثِ سَيْفُ اللّٰهِ مَسْلُوْلُ قَدَّسَ اللّٰهُ سِرَّهمُ . الفَاتِحَة
Wa atbaa’ihil ghurril muhajjiliina, wa asy-yaa’ihis saabiqiina, wa ash-haabil yamiin yaa arhamar roohimiina.
Washollalloohu alaa sayyidinaa Muhammadin wa alaa aalihii wa ash-haabihi, Wa’ala saa-iril anbiyaa-i wal mursaliin, wa ‘alaa aalihim wa ash-haabihim ajma’iin Wal hamdulillahi robbil ‘aalamiin.
Bismi. Syaikh Muhammad Abdul Gaos Syaifulloh Maslul Qaddasalloohu Sirrohum. Al-Fatihah.
———۞۞۞———